Beberapa Kata-kata Menyentuh Hati Ucapan Selamat Idul Adha 1441 H dalam Bahasa Sunda, Cocok Dipasang di Media Sosial mu

Beberapa Kata-kata Menyentuh Hati Ucapan Selamat Idul Adha 1441 H dalam Bahasa Sunda, Cocok Dipasang di Media Sosial mu
Ilustrasi (Nawacita : Google)
Editor: Epenz Life Style —Kamis, 30 Juli 2020 07:53 WIB

Terasjabar.id -  Meski tak bisa bertemu, Anda masih bisa mengirim kata-kata mutiara, ucapan minta maaf dan selamat lebaran Idul Adha lewat media sosial, di WhatsApp hingga Facebook.

Supaya lebih berkesan, ucapan minta maaf atau kata-kata mutiara selamat lebaran Idul Adha 1441 H bisa dikirim dengan menggunakan Bahasa Sunda.

Anda bisa mengirim kata-kata mutiara itu melalui grup percakapan keluarga, atau media sosial lainnya.

Berikut ini sebagai referensi, kata-kata mutiara, ucapan lebaran selamat lebaran Idul Adha 1441 H menggunakan Bahasa Sunda, cocok dipasang di media sosial.

#1

Wilujeung Boboran ( selamat lebaran)

Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Adha 1441 H ieu.

Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum.

#2

Pami langkah tos midamel lara, tur lisan nu sok nyusun kapalsuan, nepi kangajantenkeun lukana manah.

Dina dinten boboran (lebaran) ieu pamugi lawang hampura anjeun masing kabuka.

مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ

Sim abdi sakulawargi neda ngahaturkeun wilujeung boboran, hapynten samudaya kalepatan.

#3

Upami ati sabening cai, sawios ngalir nu wening bersih

Upami Manah Saindah Cahaya Bulan, enggal hiasan ku bentang kaimanan, Upami Manah saputih awan

Kade tong sampe ngahalangan panon poena taqwa,

Sim kuring ngedalkeun مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْ

Wilujeng boboran sim abdi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng bathin.

#4

Khilaf sareng Ngalantur etateh nu janten sipatna abdi, ari nyuhunkeun panghampura eta kawajiban abdi

Ngabersihkeun hate tina sagala dosa eta anu jadi tujuan abdi

Dina dinten nu fitrah ieu kalawan rendahning ati sim abdi ngahaturkeun;

تَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ صَيَامَنَا وَصِيَامَكُمْ، مِنَ الْعَائِدِيْنَ وَالْفَائِزِيْنَ

Wilujeng boboran sim abdi sakulawargi nyuhunkeun dihapunten lahir seinareng bathin.

#5

Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, Tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Adha.

Mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Adha,

Wilujeng boboran Idul Adha 1441 H. Hapunten samudaya kalepatan.

tribunnews
Ilustrasi Memaafkan ()

#6

Batin nu usik nyaliksik diri, Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa

Kadudut kalindu qalbu, Mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan.

Wilujeng boboran Idul Adha 1441 H. Hapunten samudaya kalepatan.

#7

Bilih aya langkung saur bahe carek kaciwit kulit kabawa daging

Tunggul dirurud catang dirumpak, Nyungkelit ati teu genah manah, Mundut pangampura.

Wilujeng boboran Idul Adha 1441 H.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum

#8

Wening galih nu dipamrih, Jembar manah nu dipilampah.

Wilujeng boboran Idul Adha 1441 H, Kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum

#9

Sugrining runtah kalepatan dina manah, Nyeri peurihna ati sanubari, Mugia lubar ku silaturahmi.

Wilujeng boboran Idul Adha 1441 H.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum

#10

Ngahaturkeun wilujeung boboran Idul Adha 1441 H.

Bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku tutur, katajong omong ku pribados

Mugia rido ngahapunten samudaya kalepatan.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shyiamana wa shyiamakum

#11

Wening galih nu dipamrih, Jembar panalar nu diteda, Kana laku nu teu luyu, Kana lampah nu sulaya.

Wilujeng boboran di bulan Dzulhijjah 1441 H.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum

#12

Nyucruk laku sunnah Rasul, Mapay lacak agama Islam.

Gema takbir nu agung dipungkas ku tali silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran Idul Adha1441 H

#13

Kaluluputan kalepatan simkuring sakulawargi.

Wilujeng boboran Dzulhijjah nyuciken diri ka Illahi.

Hampura diri ka Gusti Nu Maha Suci, Mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri.

Wilujeng boboran sasih Dzulhijjah 1441 H

#14

Taya basa nu bisa direka, Taya saur nu bisa jadi pangjajap catur

Lintang ti kedalna ucapan “Wilujeng boboran Siam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.

#15

Mipit amit seja nurih kapeurih ati, Malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa.

Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah.

Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum


Dsadur dari Tribunjaba.id

Idul Adha 2020 Kata - Kata Mutiara Bahasa Sunda


Loading...